Idul Fitri 2018
Kumpulan Ucapan Selamat Idul Fitri dalam Bahasa Sunda, Bisa Dikirim Untuk Kerabat!
Buat kerabat dan sanak saudara yang ada di Jawa Barat, yuk lihat ucapan selamat Hari Raya Idul Fitri dalam bahasa Sunda!
Penulis: Talitha Desena Darenti
Editor: Talitha Desena Darenti
2. Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, réka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah, wilujeng boboran Siam neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng batin.
3. Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran, tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri, mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri, wilujeng boboran Siam 1439 H. Hapunten samudaya kalepatan.
4. Laligarna taraté dina talaga haté. nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten cicirén lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng boboran Siam 1439 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.
5. Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, kadudut kalindu qalbu, mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. Wilujeng boboran Siam 1439 H. Hapunten samudaya kalepatan.
6. Ngahaturakeun wilujeng boboram Siam 1 Syawal 1438 H, bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku pribados, mugi rido ngahapunten samudaya kalepatan.
7. Bilih aya langkung saur bahé carék kaciwit kulit kabawa daging, tunggul dirurud catang dirumpak, nyungkelit ati teu genah manah, mundut pangampura. Wilujeng boboran Siam 1439 H.
8. Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu dipilampah. Wilujeng boboran Siam 1439 H, kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan.
9. Sugrining runtah kalepatan dina manah, nyeri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silaturahmi. Wilujeng boboran Siam 1439 H . Taqobalallahu minaa waminkum.
10. Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan. Ngan saukur bisa ngirim surat, chating jeung SMS-an. Kalayan dibarengan ku kaihlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan. Wilujeng Boboran Siam 1439 H.
11. Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh haté, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari. Neda dihapunten kana samudaya kalepatan, bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong omong dina cariosan anu matak ngaraheutkeun kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu Minna Wa Minkum. Wilujeung Boboran Siam 1439 H.
12. Tina weningna ati nu surti, tina mumunggang rasa nu ageung rumasa, bilih aya tutur saur nu teu kaukur, aya lampah nu teu merenah, tur lisan nu ngaraheutkeun manah, neda pangapunten lahir tumekaning batin, mugi luntur qolbu jembar pangampura. Wilujeng boboran Siam 1439 H. Taqobalallohu mina waminkum siamana wasiamakum, minal ‘aidin walfaizin.
13. Niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran Siam.
14. Wening galih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya. Wilujeng boboran Siam 1439 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum
15. Wening galih nu dipamrih jembar manah nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran Siam.
15. Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. Wilujeng boboran Siam.